Entri yang Diunggulkan

Hijrah ke Habsyi

Hijrah ke Habsyi (Habasyah) A.      Sebab-sebab kaum muslimin hijrah ke Habsyi Nabi Muhammad saw tidak tahan menyaksikan penderita...

Senin, 29 Juli 2013

Atikan Rosulullah dina kaluargana



R
osululloh salain sabage rosul anjeunna oge sabage pamimpin rumah tangga ti kaluargana, sabab anjeunna henteu di bedakeun kana naon bae anu salaku manusa biasa anging anjeunna dipasihan kalebihan berupa wahyu Allah anu mangrupakeun pertanda yen anjeunna teh sabage Nabi jeung Rasul, sakumaha dawuhan Allah ta’ala dina surat al-Kahfi ayat 110 :

قل إنما أنا بشر مثلكم يوحى إلي أنما إلهكم إله واحد فمن كان يرجو لقاء ربه فليعمل عملا صالحا ولا يشرك بعبادة ربه أحدا
“Pok caritakeun: saestuna taya lian kaula teh ngan manusa biasa saperti arandika, ngan kaula mah dipaparin wahyu yen taya lian pangeran arandika teh ngan pangeran nu Maha Tunggal. Nya sing saha anu hayang papanggih jeung pangeranna, kudu ngalampahkeun amal-soleh sarta ulah pisan manehna nyarekatkeun saurang oge enggoning ibadah ka pangeranna.”

          Upami ngalenyeupan ayat ti luhur ku urang baris ka gambar atanapi ka impleng yen Rosululloh teh baris ngarandapan katenangan jeung kageulisahan, kabunggah jeung kasedih, dimana anjeunna nyanghareupan rupa-rupa adat jeung sifat bojo-bojona. Kusabab anjeunna Rosulullah salaku manusa pilihan anu dipasihan leuleuwih sareng kautamian ku Alloh, tangtos bae aya perbedaan antara anjeunna jeung manusa sejenna dina nyanghareupan sagala cocoba anu tumiba ka anjeunna.

Rosululloh mangrupakeun jalma anu paling ngartos kana seluk beluk kahirupan kaluargana. Anjeunna ngabantos kana pidamelan bojo-bojona sapertos masak, meresihan rasukan sareng meresihan bumina, eta sadaya ku Rosul dipidamel sanes pamundut anu janten bojona tapi karep jeung loyog kana kahayangna sorangan. Pon kitu deui rosul dimana sasarengan sareng anu janten bojona anjeunna sok pinuh kurasa nyaah, sabar jeung cinta.

Geus nyaritakeun Ibnu Abbas ti Nabi Saw, anjeunna tos sasauran:

خيركم خيركم لأهله وأنا خيركم لأهلي
“anu paling hade diantara aranjeun teh nyaeta anu paling hade ka bojona sedengkeun kuring anu paling hade ka bojo kuring”(Hr.Ibnu Majah no:1977)

Prilaku Rosul anu pinuh kurasa cinta, sabar, jeung berehan ka bojo-bojona teh mangrupakeun conto pikeun sahabat-sahabatna. Kusabab kitu kacida bagjana pikeun istri-istri anu ngaduhan caroge anu sapertos Rosululloh, sabab saha jalmana anu moal ngarasa bagja dimana anjeunna ngagaduhan caroge anu pinuh kurasa nyaah, cinta jeung sabar?

Kusabab kitu dina kaluarga Rosululloh seueur diantara anu jadi bojo-bojona kadang-kadang aya anu galak timburu, iri bahkan diantara anjeunna bersaing pikeun neangan perhatian tinu jadi carogena.  Tapi rosululloh mangrupakan hiji caroge anu bijaksana jeung adil paramarta anu moal memilah tur memilih pikeun mihak kana salah sahiji bojona, sok sanaos aya prilaku anu teu panuju tinu janten bojona.

Umpama wae bojo-bojona anu galak timburu ka Aisyah sapertos anu diriwayatkeun dina shohih muslim, yen Aisyah nyaritakeun perkara bojo-bojo nabi, anu nyungkeun Fatimah pikeun mangihan Rosululloh. Tuluy Fatimah nyungkeun ijin sangkan manehna tiasa leubet ka eta ruangan sedangkeun Rasululloh nuju gogoleran jeung simkuring, maka Rasululloh masihan ijin pikeun leubet ka eta ruangan lantas Fatimah nyarita: “Ya Rosululloh, bojo-bojo ama nyuhunkeun abdi pikeun mendakkan ama anu taya sanes pikeun nungtut kaadilan pikeun aranjeunna anu aya patula patalina sareng futrina Abu Quhafah (Aisyah).” Sedeungkeun waktu eta simkuring nuju cicing. Maka anjeunna ngawaler: “Yeuh anaking, naha anjeun henteu mikaresep kana naon-naon anu dipikaresep kukuring?” Fatimah ngawaler: “henteu wantun ama”. “kusabab kitu pikaresep perkara ieu”. Ngadenge jawaban kitu lantas Fatimah indit pikeun mangihan bojo-bojo anjeunna. Tuluy manehna nyaritakeun naon-naon anu geus dikedalkeun ku Nabi. Tuluy Maranehna (bojo-bojona) nyarita:”teu bisa kitu bae, bejakeun ka anjeunna yen bojo-bojona nungtut kaadilan anu aya patula patalina jeung futrina Abu Quhafah”. Lantas Fatimah ngawaler: Demi Alloh, kuring moal ngabejakeun ucapan eta ka anjeunna salilana”.

Geus sababaraha kali bojo-bojo Nabi ngayakeun kumpulan pikeun ngajukeun tungtutan ka anjeunna, boh anu berupa tuntutan kaadilan, kanyaah bahkan perkara anu aya patula-patalina jeung nafkah kaluarga padahal aranjeuna teh dipasihan gelar Ummahatul Mu’minin.
Kacida karaos beratna Rosululloh nyanghareupan kahayang bojo-bojona samodel kitu teh. Anjeunna nyeri hate ku bojo-bojona anu teguh tangtungan nungtut perkawis nafkah kaluarga. Anu antukna bae turunna ayat:

 يا أيها النبي قل لأزواجك إن كنتن تردن الحياة الدنيا وزينتها فتعالين أمتعكن وأسرحكن سراحا جميلا 28 وإن كنتن تردن الله ورسوله والدار الآخرة فإن الله أعد للمحسنات منكن أجرا عظيما 29   (الأحزاب )
“Yeuh Nabi, bejakeun kabojo-bojo maneh, upama aranjeun hayang kahirupan dunya katut papaesna, nya hayu ku kaula dibere bekel keur aranjeun, jeung kaula bakal nyerahkeun aranjeun kalawan cara nyerahkeun anu hade. Jeung upama aranjeun miharep (karido) Alloh katut Rosul-Na jeung nagri aherat, nya Alloh nyawiskeun pikeun awewe anu ngaralampahkeun kahadean tiantara aranjeun ganjaran anu gede.”

          Saparantos turun ayat ieu, maka Rosululloh masihan dua pilihan kabojo-bojona anu kahiji perkawis nafkah anu baris katarima kuaranjeuna sarta anu kadua perkawis karido Alloh swt. Tapi bojo-bojo anjeunna milih anu kadua nyaeta perkawis karido Alloh swt.

Kaluarga teh mangrupakan bagian anu pangleutikna tina masarakat. Kusabab kitu alus jeung gorengna hiji kaluarga gumantung kana sikap pamingpinna. Sedengkeun anu jadi pamingpin tina kaluarga teh nyeta lalaki sakumaha dawuhan Alloh swt dina surat An-Nisa ayat 34 nyaeta:

الرجال قوامون على النساء بما فضل الله بعضهم على بعض وبما أنفقوا من أموالهم
“lalaki teh pangjejerna awewe, lantaran gusti Allah geus ngabedakeun tingkatan darajat lalaki ti awewe, oge lantaran lalaki ngabogaan kawajiban ngabalanjaan pamajikanana.”

          Salaku utusan Allah, dina ngemban tugas sarta tangung jawab anu gede, geus sakuduna Rosululloh teh anu serba sibuk tangtos ieu teh ngabutuhkeun waktos jeung kasabaran anu kacida gedena, sabab dina sisi lain oge Rosululloh ngagaduhan istri anu ngabogaan sifat sareng tabe’at anu beda-beda sapertos anu tadi geus disebutkeun tiluhur.

          Miconto kana tapak lacak kahirupan rumah tangga Rosululloh Saw, ngandung hikmah jeung atikan anu kacida gedena, khususna pikeun kaluarga anu ngajalankeun kahirupan poligami sabab dina hiji segi ditungtut kaadilan jeung kasabaraan sakumaha anu kaalaman ku Rosululloh Saw. Dina ngaping jeung ngadidik kaluargana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar